Nasehat ULAMA untuk Manusia (PEPELING KANA DIRI)

Nasehat ULAMA untuk Manusia (PEPELING KANA DIRI) - Dalam kesempatan ini kang haqie, akan sedikit menulis yang isinya merupakan kalimat-kalimat, atau untaian kata-kata hikmah dari ulama kharismatik, yang isinya buat suasana hati lebih tenang,  dan semoga dengan ditulisnya dapat menjadikan mauidzoh ( NASEHAT ) baik bagi diri ini, dan bagi sahabat sekalian yang mau menghayati bait-bait kata-kata yang mungkin bermanfaat ini.
Nasehat ULAMA untuk Manusia (PEPELING KANA DIRI)

Nasehat Pertama (Versi Sunda)

Haqeqatna badan,jasmani mah Dhoif / lemah ( HINA ) didamelna ge tina cai mani (sperma), hina jeung  jijik, jadi lamun aya tur ngarasa kahinakeun ku batur ah wajar da haqeqatna ge hina, dina artian ulah pati teuing kaleuleuwihan dina narimana komo nyeuri mah  , margina moal bisa luhur darajat da haqeqatna jasmani mah Dhoif
Anu matak nu kedah luhur Darajatmah mah Rohani (Ruhani) , kalakuan hate mungguh alloh,,, sanes jasmani
Anapon menang pujian jadi luhur darajat ti batur (timanusia teu patos di perhetangkeun teuing da makhluk mah teu bisa mere manfaat sareng madharat

Terjemahan :

Pada Hakikatnya, diri ini, lemah (Dhoif) serta hina, karena apa ..? karena dibuatnya juga dari sperma, air yang hina dan jijik, jadi jika dalam diri ini merasa ada hal yang tidak mengenakan, menghina, mengejek, merendahkan, maka wajarlah karena pada hakikatnya juga kita ini rendah , hina, dalam artian, jangan terlalu dibawa kehati apalagi sampai sakit hati mendalam, sebab tidak bisa mulia, tinggi derajat diri ini (Jasmani) karena pada hakikatnya juga hina, lemah .
Jadi yang harus tinggi derajatnya yaitu ruhani (jiwa) tingkah hati, akhlak, atau batin, bukan jasmani, bukan diri ini , adapun diri ini mendapat pujian, sanjungan, dari sesama manusia (makhluk) jangan terlalu diperhatikan, apalagi sampai lupa diri karena pujian .

Nasehat Kedua.

Kedah tiasa nampi / Nyuhunkeun dipasihan Nampi maksadna
Nampi dina Sagala taqdir  ti gusti ( nu termasuk kana rukun iman )
Misal, contona
# Keur nalika katunggaraan / kapapaitan (datang musibah) : Sing tiasa nampi ieu teh papasten ti gusti (Taqdir ti Alloh SWT), sing tiasa sabar, tingal kana sifat jamal jeung jalalna alloh , ulah kana dzohirna eta musibah, tapi kedah diajar ningali kana hakikatna perkara, sing emut....sadaya nu di taqdirkeun ka Anjeun ti Alloh Sadayana, sareung yakinkeun ieu teh pamilih nu paling sae ti gusti , sadayana ge aya hikmahna

# keur ibadah : Sing inget < jeung kedah nampi ieu teh nugrah, Fadhol ti Alloh , ulah asa menang kuring , ulah ningali kana kakuatan diri  tina sabab kitu jadi we isin yen urang teh teu aya daya upaya , terus melong we kana Qodirna gusti

#ker maksiat : sing inget , kedah buru buru tobat, sing tiasa nampi yeun urang teh emang salah , hina mun teu aya Fadhol ti gusti mah , ningali kana maghfiroh sareng rahmatna gusti

#ker bungah , sehat, bagja : Sing tiasa nampi ieu teh ti Alloh dipasihan kasehatan, kanikmatan , nikmatna barang tuang tiasa aktivitas  kedah nampi sadayana ge ti alloh , Kedah syukuran ka gusti anu masihan sehat sareng sadayana

*** Utaminamah dina sagala usik malik na urang 

Sing ngaraos. Nampi ieu sagalana ti gusti nu maha Suci , termasuk nuju maca ieu pepeling sing tiasa nampi ieu taqdir gusti...
Sing soson soson Nyaketan Ahli Elmu , Lamun isin keneh wae kusabab jauh bentena jeung urang / ngarasa hina , moal matak janten maju dina kasaean , TARIMAKEUN we urang teh emang hina, jauh tina elmu ,
Insya alloh bakal di pasihan jalan

Nu matak Goreng dun-ya teh nyaeta anu ngamatakeun goplahna hate ka alloh , sanes ulah dudun-ya , tapi hate sing tiasa eling ulah poho ka alloh, waktu neangan dun-ya.

sapertos....Digawe teh dina prosesna sing tiasa tiasa ulah matak jadi goplah ka alloh , Sanes ulah digawe tapi ulah goplahna ka alloh waktu gawe sahingga jadi katungkul  nalika ker gawe poho ka Alloh.

Malahan mah sing SUMANGET DIGAWE, bari hate  ELING KA ALLOH
Ulah dihijikeun / disaruakeun dina penafsiran penyebutan pagawean dzohir  jeung bathin , jasmani jasmani ,, rohani rohani
Ngaji tauhid teh lain jadi SALAH PAHAM ninggalkeun dunia , dina artian ninggalkeun dunia ku jasmani sanes kitu,  sanes jadi teu digawe teu aktivitas dudun-ya,, eta LEPAT ,,,salah pemahaman

Tapi ninggalkeun dunia ku HATE na lain ku jasmani na, Jasmani mah tetep wajib ngajakankeun sabab jeung syariat, ngan HATE na kade ulah condong ka makhluk

Sing tiasa Nampi lamun ieu PEPELING teh leres ayana , lamun berat jeung  Wegah Tampi wae, istigfaran, berat sareng Wegah mah cek NAFSU nu aya dina diri , sanes tina AQAL nu aya dina diri , Ulah jadi Nampik Jeung Nolak bilih jadi KATUTUP PINTU MANAH tina rahmat Gusti sareng Pitulung Gusti



Haqeqatna kasaean mah sadayana ti GUSTI



0 Response to "Nasehat ULAMA untuk Manusia (PEPELING KANA DIRI)"

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel