Contoh Khutbah Idul Fitri Yang Menyentuh Hati Bikin Menangis

Contoh Khutbah Idul Fitri Yang Menyentuh Hati Bikin Menangis -Dalam malam ini akan share tentang khutbah idul fitri yang menyentuh hati, dan bisa bikin menangis bila dihayati dengan baik, namu akan memakai bahasa sunda. Berikut langsung saja :

Contoh Khutbah Idul Fitri Yang Menyentuh Hati Bikin Menangis

Tema Khutbah : Renungan Ibadah Puasa Selama Satu Bulan

Hadirin Rohimakumullah...

Dinteun saat ieu, tisaba’da surup panon poe,  umat islam sadunya ngagungkeun Asma Alloh SWT ku lantunan..Takbir, tahmid sinareung tahlil, jutaan manusa ti berbagai etnik, suku sareung bangsa sa antero dunya ngebrehkeun rasa syukurna sareung ngaku sifat ka abdian ka Alloh SWT, Dina dinteun ieu, sadaya jalmi suka bungah margi tos beres ngalaksanakeun hiji ujian anu kalintang beuratna, tapi kabungah eta dicampuran ku sedih, margi urang sadaya ditinggalkeun ku hiji bulan nu pang agungna bulan pangmulyana , nyatana bulan suci ramadhan. Rosulullah SAW ..ngadawuh ..

Hadirin sidah iedil fitri Rohimakumullah...

Sok komo, saupami urang sadaya nyawang, atanapi ngevaluasi diri, kana 30 dinteun nu tos kalangkung, dina sasih ramadhan, naha urang sadaya termasuk jalmi-jalmi nu tos ngerahkeun kamampuan, ngamaksimalkeun midamel amal kasaean salami sasih ramadhan?  atanapi urang termasuk jalmi-jalmi nu leha-leha, cuek, kirang ngamanfaatkeun bulan suci ramadhan ? malih dianggo hal-hal nu teuaya gunana dina mata agama.
Hadirin Rohimakumullah....

Padahal urang sadaya teu gaduh jaminan umur urang, tiasa dugi deui kana sasih ramadhon tahun payun, lajeung urang sadaya uninga, yen sasih Ramadhan teh mangrupikeun hiji sasih, anu mampu mensejajarkan nilai amalna sareung umat nabi-nabi nu tipayun, anu usiana paranjang dugi ka ratusan tahun, bahkan tiasa langkung unggul umat nabi muhammad SAW, ti umat-umat nabi nu tipayun,  margi Allah SWT masihan lailatul Qodar ka Umat Nabi Muhammad SAW, anu yuswana Relatif parendek, anu mana laelatur qodar langkung sae ti 1000 bulan...kirang langkung 83 tahun, tiasa kaetang ku urang sadayana, saupami  yuswa urang ti kawit baleg  dugi ka ayeuna, tos 15 kali tepang sareung Ramadhan, 15 x 83 tahun =1.245 tahun. Yuswa-yuswana parendek tapi tiasa langkung unggul, eta kaistimewaan nu ku Alloh SWT dipasihkeun ka umat nabi muhammad SAW.

Allohu Akbar-Allohu Akbar Walillahilhamd

Hadirin rohimakumulloh !

Ayeuna Ramadhan ngantunkeun urang sadaya, kantun hareupan sareung Doa, mugia Alloh SWT ngalungsurkeun rahmat sareung magfirahna, tina sadaya ka khilapan, dosa-dosa urang sadayana , anu kirang ngamaksimalkeun diri, ngamanfaatkeun bulan suci ramadhan, margi dina detik ieu ka payun , saupami ibadah puasa urang sadayana sukses, ditampi ku Alloh SWT, maka urang sadaya bakal kembali kana kabersihan sareung kasucian jiwa .

Allohu Akbar-Allohu Akbar Walillahilhamd

Hadirin rohimakumulloh !

Janteun pribadi anu bersih jiwa sareung raga tina hasil ibadah puasa Ramadhan mangrupikeun hareupan sareung cita-cita urang sadayana, namung hal eta mustahil tercapai saupami masyarakatna teu ngartos sarta teu paham kana agama , waktu demi waktu kalangkung tanpa makna sareung arti, sahingga istilah hari kemenangan , hari raya idul fitri, moal tiasa kadugi ku urang sadayana.

Kukituna, Hadirin rohimakumulloh !


Ngalangkungan ieu ramadhan sareung idul fitri, sakedahna urang sadaya kembali kana fitrah, kahirupan urang sadaya, menuju kana kahirupan anu langkung sae, kahirupan anu dipikaridho ku Alloh SWT, dina waktos nu bakal sumping.
Hadirin Rohimakumullah..salajeungna Kumaha atuh carana, supados tercipta masyarakat atanapi pribadi nu bersih suci jiwa sinareung ragana?.. pidawuh Alloh SWT. Dina QS. At tahrim ayat 6 :



Hadirin sidang idul fitri rohimakumulloh !

Dina ayat ieu Alloh SWt parantos masihan, langkah2 praktis menuju masyarakat madani, masyarakat nu bersih.jiwa ragana
Nu kahiji...Quu Angfusakum raksa diri-diri aranjeun, maksadna saupami urang bade ngarobah diri, ngarobah kabiasaan, ngarobah akhlak, menuju kana nu langkung sae, anu dipikaridho ku Alloh SWT,  tantos kedah dimulai tina diri pribadi
Nu kadua wa ahlikum naaro...maksadna keluarga...
Dua unsur ieu sangat penting kanggo ngalahirkeun pribadi-pribadi nu langkung sae
Allohu Akbar-Allohu Akbar Walilahilhamd
Hadirin Rohimakumullah

Kesimpulan tina ieu khutbah idul fitri,

anu kahiji : Mudah-mudahan urang sadayana termasuk jalmi-jalmi anu di tampi ibadah salami sasasih di bulan suci ramadhan. Sahingga  tiasa dugi kana hakekatna idul fitri, kembali kana kasucian.

Nu kadua : hayu urang sami-sami Syukuri nikmat sareung karunia Allah SWT, anu parantos maparin limpahan nikmat sinareung rahmat ka urang sadayana.

Nu Katilu : Mangga urang sami-sami angken sagala rupi, kakirangan urang sadayana, disareungan ku Taubat nyuhunkeun ampunan ka Alloh SWT tina dosa-dosa urang sadayana.

Nu Kaopat : Urang sami-sami buka hate urang sing lebar, ulah aya geuneuk malekmeuk, supados teuaya gantar kakaitan jaga diakehrat, margi dina ieu dinteun mangrupikeun kasempatan urang sadayana kanggo nyuhunkeun dihapunteun tina dosa-dosa haqqul adami, baik sasami wargi , tatanggi, terutami sepuh urang pribadi, anu janteun wasilah ayana urang dialam dunya, saupami tos ngantunkeun,  urang doakeun ku urang masing-masing,  mugia Alloh SWT, maparin tempat anu layak, anu dipikaridho ku Alloh SWT.
Aamiin Yaa Robbal ’Alamiin.

بارك الله  لى    ولكم   ونفعنى  وايّاكم   بالأيات  والذّكر   الحكيم انّه   هو  السّميع  البصير

Khutbah Ke 2


Demikan, contoh khutbah idul fitri ini kami sampaikan, Semoga bermanfaat dan menjadi amal kebaikan bagi kita semua. Aamin yaa Robbal'alamiin.

Penyusun : Jajat Ahmad Baehaqi

1 Response to "Contoh Khutbah Idul Fitri Yang Menyentuh Hati Bikin Menangis"

ganearlywine said...

Borgata Hotel Casino & Spa Launches New Online
Borgata Hotel 바카라 신규 가입 쿠폰 Casino & Spa (MGM) launched its 제주 출장샵 first online sports betting 세종특별자치 출장샵 app in October, but it's still not 상주 출장안마 ready to let 계룡 출장안마 the online gambling giant

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel