Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru " Introspeksi Diri "

Khutbah Idul Fitri Terbaru " Introspeksi Diri " - Dalam kesempatan ini akan update artikel tentang khutbah idul fitri, namun kali ini akan memakai bahasa sunda, jadi untuk itu, bagi yang tidak mengerti dengan bahasa sunda kami mohon maaf. Contoh khutbah ini bisa dipakai atau bisa dipadukan dengan maksud dan tujuan yang akan disampaikan pada waktu khutbah.

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru " Introspeksi Diri "

Tema Khutbah : Muhasabah atau Introspeksi Diri


Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru " Introspeksi Diri "


Allah Maha Agung, ka agungan Allah teu aya babandingannana, teu aya nu hak mibanda kana ka agungan anu hakiki lintang ti Allah SWT. Bulan Ramadan anu pinuh ku barokah, hikmah jeng uswatun hasanah parantos ninggalkeun urang sadayana. Mungkurna sasih romadon mangrupikeun musibah kanggo ummat nabi Muhammad SAW anu ngamanfa’atkeun ku mangrupi-rupi ibadah.

Hadirin sidang idul fitri anu mulya...Rahimakumullah

Langit, bumi sareng malaikat ngajerit ngarasa sedih lamun sumping wengi terakhir sasih romadon, sabab mangrupikeun musibah kanggo ummat nabi Muhammad SAW, naon sababna? sabab dina sasih romadon do’a-do’a di ijabah, shodaqoh di tarima, kahadean pahalana dilipat gandakeun. Katambih dina sasih romadon aya hiji wengi anu pinuh ku kamuliaan, nyaeta wengian lailatul qodar, dina eta wengi malaikat turun ka bumi ngadugikeun salam kasalametan tur kasejahteraan ti Allah kanggo jalmi anu ibadah dina wengi lailatul qodar, sinareng deui sing saha jalmi anu ibadah dina eta wengi maka sami sareng ibadah sarebu bulan atanapi kirang langkung 83 tahun 4 bulan. 

Allohu Akbar-Allohu Akbar- Walillahil Hamd

Gumuruhna takbir, tahmid, tahlil sareng tasbih, mantak mulangkeun panineung ker jalma anu terang kana ka utamaan romadon, ku bungahna anu di barengan ku rasa syukur kudongkapna kaping hiji sasih syawal, mangga urang aji sareng uji kaping hiji syawal. Dongkapna kaping hiji sasih syawal teh ku sampurna na sasih romadon, saba’da urang sadaya shaum sabulan campleng dina sasih romadon anu samata-mata karena Allah SWT.

Sadayana Jalmi wajib syukuran ka Allah SWT, naor margina, sajabi syukur mangrupi salah sawios conto mu'min sajati, Syukur dina hal ieu, kumargi urang sadayana parantos dikuatkeun kanggo ngalaksanakeun puasa sabulan lamina, zakat fitrah, bisa silaturahmi sareng dulur-dulur, keluarga sarta baraya anu caket atanapi anu anggang, sarta tiasa menta hampura anatapi masihann hampura ka papada jalmi. Dina Poe lebaran ieu mudah-mudahan Allah maparin pituduh ka urang sadayana kanggo nampi cahaya iman anu agung. Amiin.

Dicarioskeun dina hiji waktos sayyidina Umar ningali putra na ngaggo anggoan butut dina waktos lebaran, ningal kaayaan sepertos kitu sayyidina umar ceurik ngarasa sedih ningal putra na, bari nyarios : “anaking hampura bapak, diwaktos ieu teu tiasa pang meserken anjeun anggoan anu enggal, bapak bisi anjeun ngarasa sedih tur isin nganggo anggoan anu butut ”. Putrana bari gumujeng ngawaler :” Bapak, saestuna jalmi anu ngarasa sedih dina poe lebaran teh nyaeta jalmi anu henteu kenging ridho Allah SWT, sareng jalmi anu doraka ka ibu bapakna, anu diharepkeun ku abdi dina dinten ieu sanes anggoan anu weuteuh, kadaharan anu loba, tapi ridho ti ibu sareng bapak supados abdi kenging ridho ti Allah SWT”.
Hakekatna idul fitri teh nyaeta lain pakean anu anyar, kadaharan anu loba, tapi hakekatna idul fitri teh nyaeta tambahna ta’at sareng kataqwaan ka Allah SWT. 

Allohu Akbar-Allohu Akbar - Walillahil Hamd

Hadirin sidang Idul Fitri anu mulya

Danget ieu rarary -raray marahmai lantaran patepang sareng kadang wargi anu angggang, merbayaksa ngebrak sareng keluarga, panggih deui sareng dulur anu tebih, ngaraketkeun tali silaturahmi , silih lebur dosa anu dihaja atanapi anu teu dihaja dicirian ku cara-cara khas islam nyaeta sasalaman atanapi musofahah, margi dosa jalmi anu sasalaman bakal dihampura kalawan syarat hatena oge milu sasalaman ikhlas ngahampura dosa jeng kasalahan, tapi singsaha jalmi anu sasalaman tapi hatena mah masih aya gantar kakaitan, teu ikhlas ngahampura dosa sareng kasalahan, maka Allah SWT bakal nurunkeun bebendu ka eta jalmi samemeh lesot leungeuna. sakumaha pidawuh kangjeng nabi Muhammad SAW :

Anu pihartoseunana : “ Dua jalmi islam anu papanggih terus sasalaman maka di hampura dosana samemeh papisah”

Kacida rugina dina poe lebaran anu agung ieu urang sadayana henteu silih hampura,sabab jalmi anu henteu daek menta atanapi mere hampura maka eta lain cirina jalmi anu taqwa. Lamun urang hayang deukeut jeng Allah SWT maka urang kudu daek nurutan kana sifat Allah, Allah Maha Panghampura maka urang oge kudu daek ngahampura, Allah Maha welas asih maka urang oge kudu welas asih sareng sasama. Mudah-mudahan hasil puasa salami sabulan campleng, ya hasilna ,sabab urang sadayanan ditempa, digodog,digembleng mugia sing jadi pangatur seurina ati anu suci, tur jaladri fikir anu bersih lir ibarat siki benih pitangkaleun anu hade.

Allohu Akbar- Allohu AKbar - Walillahil Hamd

Hadirin sidang idul fitri anu mulya
 
Laku diukur ku waktu,lampah dikalang ku mangsa, sasih romadon parantos mungkur ngantunkeun urang sadayana kantun kenang-kenangan, disusul ku sumpingna sasih syawal. Mudah-mudahan ibadah urang sadaya di tarima ku Allah SWT Amiiiiin ya Robbal alamin.
Mudah-mudahan urang sadayana sing tiasa wangsul deui kana kasucian, kana fitrah kana asal kajadian urang,sabab manusa dilahirkeun aya dina kaayaan suci.

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru " Introspeksi Diri "

Semoga Contoh Khubah Idul Fitri yang singkat ini menjadi salah satu bahan, buat yang membutuhkannya. Aamiin.

0 Response to "Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru " Introspeksi Diri ""

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel