Khutbah Jumat Terbaru Singkat " Milih Pamimpin "

Khutbah Jumat Terbaru Singkat " Milih Pamimpin " - Salam Kali ini akan menuliskan Artikel Khutbah Jumat Singkat, untuk kepentingan dalam materi khutbah, adapaun bahasa untuk kali ini menggunakan bahasa sunda.

Khutbah Jumat Terbaru Singkat " Milih Pamimpin "

 Tema Khutbah Jumat : Milih Pamimpin 

Khutbah Jumat Terbaru Singkat " Milih Pamimpin "



Hadirin rohimakumulloh !   

Ibadah teh bisa jadi ” Kawah Candra Dimuka” tempat keur ngagodog manusa supaya jadi jalma-jalma anu taqwa. Kuibadah manusa bisa menjelma jadi jalma anu berkwalitas, anu ngabogaan sifat-sifat kataqwaan.  Lamun sifat kataqwaan eta geus aya dina diri urang,  maka rek jadi naon wae urang, rek indit kamana wae urang, geus teu jadi masalah sabab modalna geus aya  bekelna geus aya  nyaeta ”taqwa”. Sabab ku taqwa sagala urusan bisa jadi mudah, sakumaha dawuhan Allah SWT dina Al-quran surat At-Tolaq ayat 4 :  


Anu Hartosna : ”Jeung sing saha jalam anu taqwa ka Allah maka Allah bakal ngajadikeun kegampangan pikeun eta jalma dina sagala urusan”

Hadirin rohimakumulloh !  

Rek jadi pamimpin teu jadi masalah, rek jadi anggota dewan teu jadi masalah, lamun modalna geus aya nyaeta taqwa. Termasuk urang sebagai rakyat anu bakal milihna, teu kudu bingung milih sabab urang geus boga alat ukurna nyaeta taqwa. Lamun anu milihna jalma-jalma taqwa, lamun rakyatna jalma-jalma taqwa maka pamimpin anu bakal kapilihna oge pasti Pamimpin anu taqwa. Sabalikna lamun rakyat pemilihna henteu taqwa bisa dicocok keneh ku duit, bisa dicocok ku semen, bisa dicocok ku jabatan . Ulah nyalahkeun batur lamun anu jadina ”Pamimpin anu goreng”. Salah urang sorangan bongan urangna goreng, bongan rakyatna goreng.  Alloh SWT. Ngadawuh dina Q.S: Al-An’am ayat 129: 
 
anu hartosna : ”Jeng kusaperti eta Kami jadikeun jalma-jalma anu dzolim jadi sobat / pamimpin pikeun jalma dzolim anu lainna, kusabab naon anu geus diusahakeun kumaranehannana.” 

Dina ayat diluhur aya faedah nyaeta: lamun manusa loba ngalakukeun kadzoliman jeung dosa, Alloh bakal masihan pamimpin anu dzolim deui. Sabalikna lamun manusana soleh jeung istiqomah dina kataatan maka Alloh bakal ngangkat para pamimpin anu adil jeung hade (Tafsir As Sa’di). 

Hadirin rohimakumulloh !   

Saperti kumaha pamimpin anu berkwalitas, anu bisa robah ku ibadahna jadi jalma anu taqwa teh?

Sifat-sifat pamimpin anu hade nyaeta sapertos anu dicontokeun ku Rasululloh SAW:

1. Sidik; bener dina sagala hal , prilakuna, ucapanna jeung sifatna sehingga jadi conto pikeun rakyatna. Henteu pasaliwang antara ucap jeung lakuna. 

2. Amanah; mibanda integritas anu luhur, tanggungjawab jeung jujur dina sagala hal , bisa ngajalankeun tugasna sebagai pamimpin anu hade jeung bener sehingga henteu ngecewakeun rakyat anu dipimpinna.

3. Fathonah; profesional jeung proporsional, cerdas dina ngolah masalah rakyatna sehingga bisa menyelesaikan masalah kalawan hade, bener jeung  maslahat keur balarea.

4. Tabligh; bisa berkomunikasi jeung rakyatna sehingga aspiratif, naon nu jadi kahayang rakyatna bisa diwujudkeun kalayan ngenah ka salarea. Melayani lain dilayani.

Hadirin rohimakumulloh!  

Pamimpin lahir tina rahim anu jadi rakyatna. Lamun rakyatna taqwa maka pamimpin anu bakal jadina oge pasti pamimpin hade anu taqwa, sedengkeun kataqwaan eta bisa dibentuk atawa digodog ku ibadah anu bener. Seorang tokoh aktivis dakwah modern pernah ngucapkeun kieu: 


”Tegakanlah daulah islam dina hate aranjeun niscaya bakal ngawujud daulah islam dimuka bumi.”

Jadi lamun urang hayang boga pamimpin idaman anu berkwalitas, kudu dimulai ti diri urang sorangan, ku bebenah diri ti ayeuna ku menerkeun aqidah urang, ibadah urang jeung ahlak urang maka Insyaallah Allah bakal ngintunkeun pamimpin anu sesuai jeung harapan urang sarerea. Mudah-mudahan wae pamilu anu bakal dongkap, janten pamilu anu damai, oge pamugi urang sadaya dipaparinan pamimpin idaman anu tiasa nyandak kana kamaslahatan hirup dunia akherat. Hirup henteu natambuh laku mubah lengkah. Mudah-mudahan urang sadaya salamina aya dina rido oge pitulungNa. Aamiin… Sakitu rupina anu kasanggakeun dina ieu khutbah, mugia manfa`at kanggo urang sadaya, malah mandar dijantenkeun abdi Allah anu salamina ngabdi ngabakti kamantena. Amiin yaa robbal `alamiin.

Barokallohuliwalakuk, bilayati wadzikril hakim wataqobbal minni tilawatahu innahu huwal ghofurur rohiim.

Inilah Contoh Tek khutbah Jumat dengan memakai bahasa sunda dengan Tema memilih Pemimpin
semoga bermanfaat dan kita , berdoa semoga Kita semua diberikan pemimpin yang adil.

0 Response to "Khutbah Jumat Terbaru Singkat " Milih Pamimpin ""

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel