Khutbah Jumat Paling Singkat Bahasa Sunda " Buah Kasabaran "

Khutbah Jumat Paling Singkat Bahasa Sunda " Buah Kasabaran " | Bismillah saat ini Kang haqie saat ini akan menulis materi khutbah jumat singkat dengan bahasa sunda, yang membutuhkannya bisa pantengin atau simak website ini terus, semoga dapat memberikan kemanfaatan. dan menjadi salah satu website langganan sahabat semua. Kita langsung saja ke teks khutbah jumatnya.


Tema Khutbah Jumat : BUAH KASABARAN

Assalaamu'alaikum Warohmatullohi Wabarakaatuh

Kahiji Baca rukun Khutbah saperti contoh :

Khutbah jumat bahasa sunda buah kasabaran

Sadaya Puji kagungan Alloh SWT, Sholawat sinareung salam mugia dilimpah curahkeun ka baginda alam, nabi bessar Muhammad SAW, teu hilap kakulawargina, shohabatna, tur dugi ka umatna anu sami taat kana ajaran mantena. Aamiin.

Dina Raraga wasiat, hayu urang sami-sami ningkatkeun kataqwaan ka Alloh SWT, kalayan taqwa nu saleures-leuresna, margi mung kujalan taqwa urang sadaya tiasa dugi kana kabagjaan hirup, didunya dugi ka akherat.

Hadirin sidang Jumat Rohimakumullah

Hakekatna Sabar nyaeta, pageuh , kuat, istiqomah, dina raraga ngajaga jiwa supaya aya dina ka kapatuhan, katangtuan syareat Alloh, kucara naoon.? tangtos kucara ngajalkeun sagala rupi parenhananan sareung nebihan sadaya cegahanana. Sajabi ti eta, Sabar dina hartos siap, jembar hate, kana naon bae ujian nu tumiba kana diri urang masing-masing

Hadirin Sidang Jumat Rohimakumullah

Jalmi nu tos mampuh nahan ujian naon wae rupina, maka bakal terus nanceb dina jiwana, kateguhan, lumampah pikeun ningkatkeun kataqwaan ka Alloh SWT

Sakumaha Pidawuh Alloh SWT dina Al-Qur'an Surat Ali Imran ayat 200, anu tadi ku khotib di 'aos dina rukun khutbah, anu pihartoseunana :

" hai jalma-jalma nu ariman, kudu sabar aranjeun kabeh, sareung kuatkeun kasabaran aranjeun , sareung kudu taraqwa aranjeun ka Alloh, supaya aranjeun meunang kabagjaan.

Hadirin Sidang Jumat Rohimakumullah

Saba'da urang uninga kana hakekat kasabaran, teras tiasa amal sakumaha sakedahna salaku jalmi iman, islam , ikhsan, maka Alloh bakal ngalungsurkeun hasil atanapi buah tina kasabaran nu tos diamalkeun , diantawisna :

  • Hiji Jalmi Sabar bakal ditngkatkeun pahalana tanpa batas
sakumaha pidawuh Alloh SWT dina surat AZ Zumar 10 :

" Innama Yuwaffas Shoobiruuna ajruhum bighoiri hisaab " 

Hartosna Wallohu 'alam bimurodihi : Pastina jalma-jalma sabar anu dicukupkeun pahala amal kasaeannana tanpa batas

Hadirin Rohimakumullah
Kukituna Mudah-mudahan urang sadaya munajat ka Alloh SWT, dijanteunkeun jalmi-jalmi anu dimampuhkeun sabar, sahingga urang sadayana dipasihan kamulyaan ku Alloh SWT. Aamiin Yaa Robbal'alamiin

Barokallohulii Walakum, Wataqobbala minni, wamingkum tilawatahu innahu huwass sami;ul Bashir

Demikian Khutbah Jumat  bahasa sunda ini ditulis
pada Tanggal : 12 Muharrom  2018 M


0 Response to "Khutbah Jumat Paling Singkat Bahasa Sunda " Buah Kasabaran ""

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel