Khutbah IDUL FITRI Bahasa Sunda " HAKEKATNA IDUL FITRI "

Khutbah IDUL FITRI " HAKEKATNA IDUL FITRI " - Sobat sekalian, berhubung Ramadhan yang penuh berkah ini akan segera meninggalkan kita semua, dan akan datang hari kemenangan yaitu IDUL FITRI, maka kali ini kang haqie akan menulis tentang KHUTBAH IDUL FITRI ku bahasa sunda, untuk itu mohon maaf kepada yang belum bisa bahasa sunda, bisa di translate ke bahasa Indonesia, dan tema yanga akan disampaikan dalam Khutbah Idul Fitri ini yaitu tentang HAKEKAT IDUL FITRI.
Khutbah Idul Fitri Singkat ini mengangkat tema yang sudah banyak di bahas sebenarnya, namun tidak ada salahnya diangkat lagi, kita lanjutkan ya..monggo disimak...Khutbah IDUL FITRI Bahasa Sunda " HAKEKATNA IDUL FITRI "

Tema Khutbah : HAKEKAT IDUL FITRI

Sahabat, Pertama yang sudah barang tentu khutbah pertama , contoh redaksinya khutbah awal..
Khutbah IDUL FITRI Bahasa Sunda " HAKEKATNA IDUL FITRI "

Hadirin siding ‘Ied Rohimakumullah….

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahilhamd
Alloh Maha maha Agung nu teu aya bandinganana, teu aya nu mibanda kana kaagungan nu hakiki lintang ti Alloh SWT. Bulan Puasa Sasih Ramadhan nu pinuh ke berkah, hikmah, jeung uswatun hasanah, parantos ngantunkeun urang sadaya, mungkurna sasih romdon mangrupikeun hiji musibah, kanggo ummat Nabi Muhammad SAW, nu dina eta sasih di manfaatkeun ku mangrupi-rupi ibadah, boh nu sunatna sumawona nu wajibna, tikawit maca qur’ana sareung sholatna, ieu musibah kanggo umat nabi Muhammad SAW, nu tiasa amal seeur dina ieu sasih romdon. kukituna urang sadaya Introspeksi diri, saupami urang sadaya nuju resep ngamumule ieu sasih nu mulya, ayeuna tos ngantunkeun urang sadaya.

Hadirin Sidang Ied Fitri anu mulya....

Langit, bumi, ngajerit ngarasa sedih lamun sumping wengian terakhir sasih ramadhon, margina naon..? margi teu nagis kumaha ,margi ieu janteun musibah ageing kanggo umat nabi Muhammad, naon sababna..? tos jelas sareung jentre , sabab dina sasih romadhon, amal-amal sholeh di lipert gandakeun, doa-doa ijabah, shadaqoh ditarima, katambih dina ieu sasih aya wengian laelatul qodar, anu tos mafhum sadaya , ieu wengian langkung sae tibatan ibadah 1000 bulan atanapi kirang langkung 83 tahun 4 bulan. Anu ngahaja ku Alloh SWT dipasihkeun ka Umat nabi Muhammad anu rata-rata yuswana parondok, supados tiasa dina ibadahna ngabandingan umat-umat nusanes.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Walilahilhamd..
Gumuruh takbir, tahmid tahlil, sareng tasbih dina wengian Idul Fitri, matak mulangkeun katineung, kanggo jalmi anu terang kana fadilah sareng kautamian sasih Romadhon, dicampur ku rasa kabungah nu disarengan ku syukur ka Alloh nu maha Ghofur, rasa bungah sanes tina pedah bade balakecrakan barang tuang dina waktos siang, pere tina nahan lapar sareng haus, tapi kabingah jalmi nu iman nyaeta bingah kudumehna kadongkapan ping 1 syawal.
Mangga urang Aji sareung Uji, hasil urang merangan hawa nafsu dina sasih romadhon kamari, nahan haus  sareng lapar nu disarengan ku lillah karena Alloh ta’ala.
Urang sadaya syukuran margi tos di kuatkeun , disehatkeun, kanggo ngalaksanakeun puasa sasasih, zakat fitrah , tiasa silaturahmi, sareung dulur, keluarga, sarta baraya, nu cakeut atanapi nu anggang…, sarta tiasa menta hampura atanapi masihan hampura ka papada urang.
Dina dinteunan lebaran ieu, mudah-mudahan Alloh SWT masihan pituduh ka urang sadayana, kanggo nampi nur ilahiyah, cahaya iman nu Agung ti Alloh SWT.

Hadirin Sidang Idul Fitri Rohimakumullah..

Dikisahkeun, dina hiji carios, Khalifah Umar ningal putrana nganggo anggoan nu kirang sae dina waktos lebaran, ningal kaayaan kitu sayyidina umar nangis, ngarasa sedih, ningal putrana, bari nyauran  teras nyarios, “ Anaking hampura bapa, sabab dina ieu sasih, bapak teu bias pangmesrkeun anggoan nu sae, bisi anejun ngarasa sedih tur isin nganggo pakean nu butut, teras putrana ngawaler…Bapak Saestuna manusa nu ngarasa sedih dina poean lebaran the nyaeta manusa nu teu kenging ridho Alloh SWT, sareng jalmi nu doraka ka indung bapak,anu dipihareup ku abdi sanes anggoan nu sae, anu anyar, katuangan nu seueur, tapi ridho ti indung supados abdi kenging Ridho ti Alloh SWT, maka jelas hakekatna idul Fitri the, nyaeta, lain pakeuan nu weuteuh , dahareun nu loba, tapihakekatna lebaran idul fitri mah nyaeta , tambahna kataatan ka imanan, kataqwaan ka Alloh SWT.
Sakumaha Hadist Rosul :

Laesal Ied. Billibasi Jadid, Walakinnal Ie’d, Liman Thoatahu Tajid
Artinya : Hakekatna idul fitri teh sanes anggean nu anyar, tapi tambahna kataatan ka Alloh SWT.

Hadirin Anu mulya…Sidang Idul Fitri Rohimakumullah

Dina danget ieu mangrupikeun kasempetan nu ageing, kanggo pateupang raray sareng wargi saderek nu anggang nu cakeut, tatanggi, kanggo ngebrak merbayaksa, ngarakeutkeun tali silaturahmi, silih lebur dosa perdosa, nu dihaja nu teu dihaja , karaos nu teu karaos, ku cara-cara islami nyaeta sasalaman, atanapi mushofahah, margi dosa papada jalmi kedah dilubarkeun supados teuaya gantar kakaitan jaga diakherat, kalayan syarat sasalamana tembus kana rasa, sahingga sasalamanana teu mung panangan hungkul, tapi ngiringan sareung hatena, supados Alloh SWT ngalungsurkeun rahmat sareung magfirohna, ka urang sadayana. Aamiin Yaa Robbal’alamin, Tapi sing saha jalmi nu sasalaman tapi hatena mah masih malekmek hideung, teu ikhlas ngahampura dosa papada jalmi, maka Alloh bakal nurunkeun bebenduna, Naudzubillahimindzzlik…tsumma Na’udzubillah…

Hadirin Anu Mulya Rohimakumullah….

Janteun Kacida Rugina saupami dina  dinteunan lebaran  anu agung ieu, urang sadaya heunteu silih hampura, sabab jalmi anu henteu daek menta atanapi ngahampura, maka eta lain cirina jalmi nu taqwa, pami urang hoyong cakeut sareung Alloh SWT, maka urang kedah nurutan sifat Alloh, nu maha hampuraan, Alloh welas Asih urang kedah welas asih sareung sasama.
Mudah-mudahan tina hasil mujahadah merangan hawa nafsu salami sasasih, di godog, digembleng, sing janteun pangumbah hate, nu pinuh ku dosa, jadi suci  deui, bersih lir ibarat murangkalih nu nembe lahir .
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Walilaahilhamd

Hadirin Sidang Ied  Rohimakumulloh…

Laku diukur ku waktu, lampah dikalang ku mangsa. Sasih romadhon parantos mungkur ngantunkeun urang sadayana, disusul kusimpingna sasih syawal, anu jadi awal kanggo ningkatkeun amal, mudah-mudahan sanes kanteun amal ibadah urang sadayana di tampi ku Alloh SWT, sahingga urang sadaya wangsul deui kana kasucian jiwa, bersih sakumaha asal manusa dilahirkeun ka alam dunya aya din aka fitrian, kasucian . Aamiin Yaa Robbal ‘Alaamiin.
Baarokallohulii walaku, bil aayati wadzikril hakim, wataqobala minni wamingkum tilaawaatahu innahu huwass sami’ul  ‘aliim.
Dilanjutkan dengan Khutbah Kedua....
Silahkan khutbah keduanya ditambahkan saja...terima kasih semoga bermanfaat.
ditulis tanggal : 28 Ramadhan 1438 H / 23 Juni 2017 M



 

 




0 Response to "Khutbah IDUL FITRI Bahasa Sunda " HAKEKATNA IDUL FITRI ""

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel